Pidato Bahasa Sunda Singkat

Diposting pada

Pidato Singkat Bahasa Sunda – Hai sobat PPKN.co.id di kesempatan ini penulis akan berbagi artikel yang membahas Pidato Singkat Bahasa Sunda dengan berikut dibawah ini merupakan pembahasan terlengkap versi penulis PPKN.co.id.

Pidato Bahasa Sunda Singkat
Pidato Bahasa Sunda Singkat

Pidato Singkat Bahasa Sunda

Contoh 1

Kebersihan untuk Kenyamanan Belajar

Assalamualikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur hayu sasarengan urang sadaya haturkeun ka Gusti Allah SWT kumargi dina ieu waktos urang sadaya di pasihan kasehatan lahir sareng bathin.

Teu hilap solawat sareng salam hayu urang sadaya haturkeun ka junjugan Nabi Muhammad SAW, kangge rerencanganna, kaluargana sareng ka urang sadayana, amin. Saterasna, simkuring ngahaturkeun hatur nuhun kanggo Ibu Elis kumargi tos masihan waktos kangge abi ngabiantarakeun di payuneun rerencangan sadaya.

Ibu-ibu, bapak-bapak, teteh-teteh, aa-aa sadayana judul ieu biantara teh nyaeta Ngajaga Kaberesihan Sakola Pikeun Kanyamanan Diajar

Sapertos nu ku urang sadaya tingal ayeuna, kaberesihan sakola urang sadaya teh kacida kurangna, sok sanajan sakola urang sadaya ieu teh nuju di bangun,  urang sadaya tetep kudu ngajaga kaberesihan, minimal kaberesihan kelas masing-masing.

Sapertos dina HR. At-Tabrani sareng Hakim annnadaafatu minal iman nu artina Kaberesihan nyaeta bagian tina iman. berarti lamun urang sadaya ngajaga kaberesihan berarti urang sadaya kaasup jalmi nu beriman nu aya di jalan Allah SWT.

Sareng aya deui H.R At-Tirmizii nu isina urang teh kudu ngajaga jeung ngaberesihan buruan imah urang, tah ari kitu mah naon hubunganna jeung sakola? Nya aya atuh, urang teh diajar disakola teh geus jiga urang keur calik di bumi urang sorangan, sanajan euwuh Bapa, Indung kan aya Bapa jeung Ibu guru nu geus dianggap ku urang sadaya jiga kolot urang.

Salian ti eta, manfaat urang sadaya ngajaga kaberesihan sakola nyaeta pikeun kanyamanan urang diajar. Sok ayeuna bayangkeun lamun urang sadaya diajar dina tempat nu bararau sampah jeung rea kebul, pasti urang na ge teu betah, guru-guru oge sami siga kitu lamun kelas urang sadaya kelasnya karotor pasti teu betaheun tuluy menta kelasna diberesihan heula lamun rek diajar, kan aya.

Tuluy manfaatna nu ka dua nyeta urang sadaya moal bakal kakeunaan panyakit, sapertos Malaria, DBD jeung sajabana. Kabeh panyakit teh sarangna tinu sampah jeung sajabana.

Pikeun ngajaga kaberesihan sakola, dina hate urang sadaya kudu di terapkeun sikap atawa inisiatif pikeung ngajaga kaberesihan. Sakola kuduna mah ngayakeun kagiatan beberesih sakola babarengan sapertos JUMSIH (Jumat Bersih). Urang salaku warga SMP N 1 Garut kudu ngilu aktip dina sagala kagiatan sakola, aktip dina sagala kahadean sakola, aktip miara sakola.

Dina diri urang tong aya pipikiran kieu ken bae ah da beberesih mah gawe na Mang Mim jeung Mang Kasmo, ulah kitu. Sanajan Mang Mim jeung Mang Kasmo ngaberesihan sakola urang ge kudu ngilu beberesih, karunya Mang Mim jeung Mang Kasmo ari urang sadaya teu ngajaga kaberesihan, hargaan saeutik atuh sagala parjuangan Mang Kasmo jeung Mang Mim, minimal henteu miceun sampah sangeunahna.

Kasimpulana, urang sadaya kudu sami-sami ngajaga kaberesihan sakola pikeun kanyamanan diajar, balik deui ka kanyamanan diajar, kanyamanan diajar manfaatna nyaeta pikeun ngahadekeun nyerep sagala palajaran, pikeun nu diajar jeung nu ngajar baretah cicing di sakola.

Minimal urang ngajaga kaberesihan sakola nyaeta tong miceun sampah sangeunahna. Sabab mun urang miceun sampah sangeunahna, teu dina tempatna bakal rea pibakaleun panyakit. Tuluy ngajaga kaberesihan kelas masing-masing. Mun nu hade mah sakola ngadakeun JUMSIH urang sadaya kudu ngiluan tina eta kagiatan.

Sakieu wae biantara nu ku simkuring tiasa haturkeun, mugi-mugi aya mangpaatna kango sadaya, hapunteun bilih aya kalepatan dina ngahaturkeun ieu biantara. Hatur nuhun tina sagala perhatosannana.

Wasalamualikum Wr. Wb.

Contoh 2

PENTINGNYA PENDIDIKAN

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuhu..

Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat.

Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Allah SWT nu Maha Welas tur nu Maha Asih. Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat dina raraga tolab elmu, nyiar pangarti dina urusan kaislaman.

Bapa sareng Ibu anu hadir didieu. Upami ku urang sadayana dilenyepan, jaman kiwari teh parantos seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka ayeuna, benten sareng tebih pisan perobihanna. Ti kawit alat transportasi, dugi ka teknologi ayeuna serba canggih.

Kapungkur, urang dimana hoyong patepang teh kedah sumping ka tempat anu dimaksad. Tapi, ku jaman kiwari mah tos aya HP nu aya kamera payuna. Nu mana upami urang hoyong ngobrol papayun-payun teh kantun nganggo teknologi nu di sebat video call. Tah eta salah sawiosna teknologi ayeuna nu canggih teh. Sareng masih seueur keneh nu sanesna.

Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan. Kumargi kitu, pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo putra-putri urang salaku generasi penerus di jaman anu bade dongkap. Cobi emutan ku urang sadaya. Di tengah-tengah maju na teknologi, kumaha upami putra sareng putri urang teu di bahanan ku pangarti? Tangtos anjeuna bakal katingaleun tebih ku persaingan kerja, kumargi ayeuna oge pami hoyong damel teh kedah gaduh ijazah anu luhur pami hoyong kenging damel anu sae mah.

Atuh sajaba ti eta, pendidikan teh mangrupikeun media kango nyiar elmu atanapi pangarti. Dina salah sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen pendidikan teh saumur hirup, teu mengenal yuswa. Hartosna, pendidikan teh wajib ti ngawitan urang lahir dugi ka pupusna.

Ti kawit ayeuna hayu urang leres-leres dina milari rejeki kanggo nyakolakeun putra putri urang supados tiasa neraskeun pendidikan anu saluhur-luhurna. Kumargi tos karaos ku urang sadaya yen pendidikan teh penting pisan kango bekel hirup urang kapayun.

Mugia harepan urang sadayana tiasa dikabulkeun kunu Maha Benghar nyaeta Allah SWT. Mudah-mudahan sok sanaos singkat, mudah-mudahan cariosan urang ti awal dugi ka akhir tiasa dipihartos ku sadayana Bapa Ibu anu hadir ayeuna.

Hatur nuhun kana perhatosannana.

Ditutup ku doa “rabbana aatinaa fiddunya hasanah, wa fil-akhirati hasanah, wa qinaa adzaabannaar”.

Wassalamu alaikum warohmatullohi wabarokaatuh..

Contoh 3

Narkoba

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Siang ka Sadayana..

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan anu ku sim kuring dipikanyaah. Ti payun hayu urang kedalkeun puji sinareng sukur ka Allah SWT anu salawasna nyalindungan

urang sadayana, solawat sareng salam kanggo Nabi Muhammad SAW. Alhamdulillah urang tiasa tepung lawung dina danget ieu, dina kaayaan bagja tur sehat.

Hadirin anu dipihormat ku sim kuring. Dina ieu kasempetan, sim kuring bade medar ngeunaan Narkoba atawa NAPZA.

Narkoba teh singgetan tina ” narkotika jeung obat-obatan anu dilarang atawa anu ngabahayakeun. Salian “narkoba”, istilah sejen anu diwanohkeun ku Pamarentah Indonesia hususna ku dalam Kementerian Kesehatan RI nyaeta NAPZA nyaeta singgetan tina Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif.

Eta dua istilah, boh narkoba boh napza teh ditujukeun ka kelompok senyawa anu umumna ngabogaan resiko kacanduan pikeun nu makena. Ceuk pakar kesehatan, narkoba teh sabenarna mah senyawa-senyawa psikotropika anu biasa dipake pikeun ngabius pasen anu rek dioperasi atawa dipake pikeun ngubaran panyakit nu tangtu.

Narkoba jadi haram teh lamun geus dipake di luar maksud pikeun ngabius atawa ngubaran sarta lamun dosis makena geus liwat ti anu ditangtukeun. Narkotika teh jenis zat anu matak kacanduan

pikeun pamakena. Narkotika kabagi jadi tilu golongan nyaeta:

Narkotika golongan I

Narkotika golongan I, nyaeta narkotika anu pangbahayana. Daya adiktifna atawa matak nyanduna pangkuatna. Golongan ieu sakuduna mah ukur dipake pikeun panalungtikan di laboratorium pikeun elmu pangaweruh. Conto jenis narkoba golongan kahiji di antarana nyaeta: ganja, heroin, kokain, morfin, jeung opium.

Narkotika golongan II

Narkotika golongan II teh, jenis narkotika daya adiktif kawilang kuat, kuduna ukur dipake pikeun ngubaran jeung panalungtikan. Conto jenis narkoba golongan kadua nyaeta: petidin, benzetidin, jeung betametadol.

Narkotika golongan III

Narkotika golongan III teh, narkotika anu daya adiktif panghampangna, tapi sarua bae ukur bisa dipake pikeun ngubaran jeung panalungtikan. Conto jenis narkoba golongan tilu: kodein jeung turunana.

Psikotropika

Nah, sedengkeun psikotropika teh nyaeta zat atawa obat salian anu lain narkotika, boh nu alamiah boh sintesis atawa jieunan, anu boga pangaruh psikoaktif ngaliwatan pangaruh selektif kana susunan saraf pusat anu ngalantarankeun parobahan has kana aktivitas normal jeung paripolah nu makena.

Aya opat golongan obat psikotropika :

  • Golongan I, psikotropika anu daya adiktif pangkuatna, contona: MDMA, LSD, STP, jeung ekstasi.
  • Golongan I, psikotropika anu daya adiktif kuat, contona: Amfetamin, metamfetamin, jeung metakualon.
  • Golongan I, psikotropika anu daya adiktif sedeng, contona: Lumibal, buprenorsina, jeung fleenitrazepam.
  • Golongan I, psikotropika anu daya adiktif hampang, contona: Nitrazepam (BK, mogadon, dumolid) jeung diazepam.

Zat Adiktif Liana

Zat adiktif liana nyaeta zat – zat salian ti narkotika jeung psikotropika anu bisa ngalantarankeun pamakena hese eureun, gumantung pisan kana eta zat, diantarana:

  1.  Roko
  2.  Kelompok alkohol jeung inuman sejen nu matak mabok sarta matak deudeuieun.
  3.  Thiner jeung zat liana kawas lem kayu, pamupus cair jeung aseton, cet, bengsin anu diseuseup matak mabok.

Kacindekanana, sakabeh anu disebut Narkotika, Psikotropika jeung Zat Adiktif teh sabenerna mah zat anu ukur mangpaat lamun dipake pikeun ngubaran nu gering kawas pasen kangker atawa nu rek dioperasi sarta mangpaat pikeun panalungtikan di laboratorium.

Lamun dipake atawa diasupkeun kana awak ku cara anu teu luyu jeung dosisna atawa aturanana tangtu matak cilaka. Mung sakitu nu kapihatur, bilih aya basa anu kirang merenanah mugi hadirin kersa ngahapunten. Wassalamualaikum wr.wb..

Sekian artikel Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat. Semoga bermanfaat untuk dijadikan referensi sebagai teks untuk melakukan pidato di depan umum dengan menggunakan bahasa sunda.

Baca Juga :